Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Widget Atas Posting

Si Kijing kagum, ka bangsat TV jaman baheula

Si Kijing mantuan pindahan imah Bibi na. Ukat-akut parabotan, pas ngakut TV dua siki, Si Kijing reureuh nangtung, nulak cangkèng, ngaso, capè!

"TV datar, sakitu badag na meni hampang...naaaa...ari ieu hiji deui. TV tèh meni beurat. 'Sanggul' na badag nemen", kitu gerentes hatè Si Kijing, sajero ning ngaso.

Kabayang, baheula mah jadi bangsat TV oge kacida pisan ripuh na. Cacak-cacak ukur mawa wungkul sakieu beurat na, komo mun situasi keur maling. Kudu mawa TV beurat, bijil ti na jandèla, kudu bisa lumpat bari ngagandong TV, peuting-peuting, bari kukurusukan di nu bala!

"Gèlo...Susah jadi bangsat TV gè harita mah. Yakin, kudu kuat, kudu gedè èlmu!", masih gerentes na hatè Si Kijing.

***
Rumpa-rampa ka na pèsak, pèsak calana pèsak baju....teu kapanggih...sakali deui dibalikan deui...rumpa-rampa ka na pèsak, pèsak calana pèsak baju....angger teu kapanggih kènèh...

Sanajan yakin yèn manèh na teu mèsakan, sakapeung mah sok tara katahan rèplèk...leungeun na rarampa...susuganan ngadadak jadi aya udud na pèsak na.

Inget carita kolot na, ngadongèngkeun susah na jaman baheula, MOAL BISA NYAPÈK MUN CAN CAPÈ!!!

Budak ayeuna mah, balik sakola, muka rais-kuker dahar geus nyampak sangu. Bèda jeung baheula. Mèmèh mangkat sakola kudu ngelap kudu sasapu, datang ka sakola ogè kudu ngelap kudu sasapu, kakara diajar...

Balik na baheula mah, ka imah nyampak lisung jeung parè tutuaneun, lain kèjo asak kantun ngahuap. Euweuh hèleran, mun rèk ngisikan, nya kudu nutuan heula.

Ngisikan bèas, langsung ditu'uskeun. Mirun seuneu na hawu, makè baralak ngahurungkeun na. Ngagigihkeun, dikurah-karèh. Ditu'uskeun deui, bari nagogkeun sè-èng. Gigih geus beukah, akeul sakeudeung. Terus seupan na sè-èng, makè aseupan makè waring.

Seuneu diusar-asur, suluhan deui. Ngakut suluh ti pipir imah nu rada garing, tunda di pipir hawu mèh garing pisan.

Asaan gigih bisi geus asak, dulang na sèrèd, tangkarakeun. Mun sangu geus hipu na sè-èng. Akeul na dulang, hihid geber-geber di na leungeun kènca. Akeul bulak-balik èta kèjo, cukil di na leungeun katuhu. Asaan bisi geus pulen, mun haseup na dulang geus teu katingali ngebul.

Mun geus pulen, nya pindahkeun ka na boboko. Kakara bisa nyatu.

Kèla, dengklang tunda di na ruhak sabari ngakeul, bari bulak-balik èta dengklang bisi tutung.

Tarasi alungkeun ogè ka na ruhak, bari ngala cèngèk ka pipir imah, jang nyambel. Mun dipipir cèngèk euweuhan nya ka pipir imah tatangga, bari ngala cèngèk, ulah poho kudu bari ngagorowok tapi tong tarik teuing:

"Ceu...mènta cèngèk!". Bèbeja

"Heug!!!", jawab ku sorangan, da nu boga na mah keur euweuh di imah, sugan.

Dengklang geus dijait, tarasi geus dijait, kadè poho, hawu pareuman, suluh na betot. Ruhak na banjur, bisi kahuruan. Tarasi jeung cèngèk rekuh na coèt, tong poho diuyahan.

***
Gerewah! Si Kijing ngorèjat ti na lamunan, kadèngè siga aya jalema nu datang, meureun bibi na sugan?!

Gancang Si Kijing api-api sibuk deui, ukat-akut tanpa mengenal lelah, ngangkat TV heubeul deui bari akah-èkèh....mèh katingali segut, siga na.(enjs)

Posting Komentar untuk "Si Kijing kagum, ka bangsat TV jaman baheula"